Langsung ke konten utama

Sasakala Darmaraja

Ngadangu kecap “Darmaraja”, kanggo sapalih jalmi, daerah ieu teu acan wanoh. Padahal daerah ieu teh liliwateun jalan upami bade ka Tasik nganggo jalur Sumedang. Darmaraja ayeuna sapalih wilayahna parantos tilem ku proyek Situ Jatigede.
Darmaraja kapungkur mangrupa wewengkon di sisi wahangan Cimanuk anu janten liliwateun tukang moro jeung tukang ngumbara. Nepi ka hiji mangsa, aya sesepuh agama anu ngarana Guru Aji Putih anu ngadegkeun karajaan Tembong Agung di Leuwi Hideung (wewengkon Darmaraja ayeuna).   Karajaan Tembong Agung ieu mangrupa cikal bakal ti Karajaan Sumedang Larang. Tembong Agung hartina karajaan anu katingali agung atawa luhur.  
Guru Aji Putih ngadegkeun Karajaan Tembong Agung di Leuwi Hideung sakaligus ngada’wahkeun ajaran Islam. Anjeuna ngagaduhan gelar haji anu pang awalna di Sumedang saparantos angkat haji ka Mekkah, anu salajengna dikenal namina Prabu Aji Putih.
Nami Sumedang ngawitan muncul nalika Prabu Tajimalela, nyaeta putera ti Prabu Aji Putih anu ngalaksanakeun semedi nu salajengna kaluar cahaya anu moncorong salami sababaraha wengi, salajengna anjeuna ngucapkeun : “Insun Medal, Insun Madangan” anu hartosna “simkuring lahir bari nyaangan”. Kecap Insun Meda sareng  Insun Madangan” salajengna robih janten “Sumedang”. Kecap Insun Medal salajengna janten symbol di logo Kabupaten Sumedang.

Prabu Tajimalela ngagaduhan dua putera anu namina Prabu Lembu Agung sareng Prabu Gajah Agung, naming dua-duana teu hoyongeun janten raja. Prabu Lembu Agung langkung katarik nalungtik  elmu Tauhid batan kana politik kakuasaan. Sedengkeun Prabu Gajah Agung langkung katarik kana elmu kapamimpinan sareng sajarah. Hal ieu anu matak bingung ka Prabu Tajimalela, tungtungna saatos badanten tiluan, dipastikeun yen anu hak jadi janten raja nyaeta Prabu Lembu Agung. Kalayan beurat hate, Prabu Lembu Agung nyanggupan pamundut ramana, bari kedal ucap “Darma Ngarajaan” anu hartosna “mung sakadar janten symbol raja hungkul”, anu ngeusi kakosongan kakuasaan”. Kecap “Darma Ngarajaan” ieu anu janten salah sawios nami kacamatan  di Kabupaten Sumedang, nyaeta kacamatan “Darmaraja”.
Wadah tisu tina alumunium foil, mangga bilih aya anu peryogi ..................

caaaag

Komentar

Postingan populer dari blog ini

DIY Tanaman Hias PILEA | How to Make PILEA from Recycled Materials

Mengelola Konsumen – Customer Relationship Management (CRM)

Apakah CRM itu? CRM adalah ungkapan yang menjelaskan bisnis anda berinteraksi dengan konsumen anda. Kebanyakan orang berpikir bahwa CRM suatu sistem untuk menanggulangi informasi tentang konsumen anda. Namun, itu hanyalah bagian gambarnya saja. CRM meliputi penggunaan teknologi untuk mengumpulkan kepintaran yang anda butuhkan untuk menyediakan konsumen dan dukungan yang diperbaharui bagi konsumen anda. Dengan kata lain, CRM adalah juga tentang apa yang anda lakukan berkaitan dengan konsumen baru, menghasilkan laba yang lebih tinggi lagi.   Blok Bangunan CRM ·          Suatu database yang mengumpulkan informasi tentang konsumen anda ·          Suatu cara untuk menganalisa informasi dalam database ·          Suatu strategi untuk mengaplikasikan analisis untuk memenuhi kebutuhan konsumen agar lebih baik dan mengindentifikasi konsumen-konsumen potensial · ...

MENGANYAM KEMASAN PASTA GIGI! || WEAVING TOOTHPASTE (PART 1)

Komentar membangun sangat membantu perbaikan blog ini